Mimiti ngadegna téh taun 1987. Harita mah ngaranna Lembaga Kebudayaan anu katelah Lembud. Saentragan jeung Lembaga Penelitian (Lemlit) katut Lembaga Pengabdian pada Masyarakat (LPPM) — dua lembaga nu asalna hiji, nyaéta Lembaga Penelitian dan Pengabdian pada Masyarakat (LAPPMA) nu ngadeg taun 1978.

Dina taun 2000 kungsi LBS disadapurankeun jeung LPPSI jadi Lembaga Budaya Sunda dan Pengkajian Islam (LBSPI). Ti taun 2003 dipasing-pasing deui, jadi LBS jeung LPPSI, luyu jeung kamekaran hanca gawéna séwang-séwangan.

Nu pangheulana mingpin LBS téh Prof. R. Djaka Soeryawan. Karya-karyana ti antarana baé nyaéta Pengetahuan Dasar tentang Kebudayaan Sunda 1 (1993) jeung Sejarah Berdirinya Paguyuban Pasundan (1990). Buku Pengetahuan Dasar, sakumaha nu diserat ku almarhum dina panganteurna, disusun pikeun ngawedelan tarékah Paguyuban Pasundan katut yayasan atikanana dina enggoning “ngajarkeun seni budaya Sunda di lembaga-lembaga atikan nu aya di lingkunganana ti mimiti tingkat dasar tug nepi ka paguron luhur, minangka bahan pangajaran poko”. Demi buku Sejarah éta ogé disusun pikeun ngeuyeuban bahan kuliah di sakola Pasundan sangkan sakumna nu tarolab élmu di dieu uningan ngeunaan bubuk leutikna organisasi anu jadi indungna.

Sabada Prof. Djaka Soeryawan marén tina kalungguhanana, ieu lembaga dipingpin ku budayawan Drs. R. Hidayat Suryalaga. Karya anjeunna anu kasebat monuméntal nya éta Nur Hidayah, minangka tarjamah Sunda tina Al-Qur’an dina wangun pupuh. Anjeunna ogé antarana nyerat buku Kasundaan Rawayan Jati. Di widang seni, anjeunna nyerat sababaraha judul naskah drama dina basa Sunda anu sering dipintonkeun utamana ku Téater Sunda Kiwari.

Kungsi, sabada marénna Abah Surya, LBS dipingpin ku ahli politik jeung pamaréntahan Prof. Dr. H. Benyamin Haritz. Ti Prof. Benyamin kapamingpinan LBS diteraskeun ku Prof. Dr. H. Asep Sjamsulbachri.